Assalamu'alaikum wr.wb
بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَٰنِ الرَّحِيمِ
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ، وَبِهِ نَسْتَعِينُ عَلَى أُمُورِ الدُّنْيَا وَالدِّينِ، وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى أَشْرَفِ الْأَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِينَ، سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِينَ. أَمَّا بَعْدُ، فَقَالَ اللَّهُ تَعَالَى:
إِنَّ الدِّينَ عِنْدَ اللَّهِ الْإِسْلَامُ.
قَالَ اللَّهُ تَعَالَى:
وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْإِنْسَ إِلَّا لِيَعْبُدُونِ.
وَبَعْدُ، قَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ:
طَلَبُ الْعِلْمِ فَرِيضَةٌ عَلَى كُلِّ مُسْلِمٍ وَمُسْلِمَةٍ.
Anu ku simabdi dipikahormat, Bapa Kepala Sakola SMPI Ar-Ridho, Bapa Ervin Kurniawan, S.Pd., anu ku simabdi dipikahormat, Bapa Guru Basa Sunda, Bapa Sayyidal Jam'at ogé Bapa/Ibu Guru sadayana. Teu hilap ka rerencangan sadaya anu ku simabdi dipikanyaah.
Puji sinareng sukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka Gusti Allah SWT, anu parantos maparin rahmat, nikmat, sareng kaséhatan kaurang sadaya, dugi ka urang tiasa ngariung sareng patepung dina ieu kasempetan. Shalawat sareng salam mugia salawasna dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sahabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna.
Mugia urang sadaya salawasna aya dina kaayaan séhat, wilujeng, sareng pinuh ku kabagjaan. Simkuring ngahaturkeun nuhun ka sadayana anu parantos nyempetkeun waktos kanggo ngadangukeun ieu biantara.
Urang Sunda miboga ajén-inajén kahirupan anu ngajarkeun sangkan hirup rukun, silih asih, silih asah, jeung silih asuh. Ajén-inajén éta moal leupas tina tuntunan agama. Ku kituna, agama jadi pondasi penting pikeun ngajaga karukunan dina kulawarga, sakola, jeung masarakat.
Sateuacan simabdi neraskeun kana pedaran salajengna, simabdi badé nepikeun hiji sisindiran anu aya patalina sareng rukun agama, hususna rukun Islam. Mugia tiasa janten panggeuing pikeun urang sadaya.
Ka pasar mésér kurma,
Mulangna mawa buah delima.
Syahadat, solat, zakat, puasa, haji,
Lima rukun jadi dasar agama urang sadaya.
Ku kitu nandina kesempatan iyeu simabdi bade nganepikeun parkara anu dibahas dina kitab parukunan sunda, diantarana nyaeta parkara rukun agama jeung rukun islam.
Ari rukun agama eta aya 3, ka-1 islam ka-2 iman, ka 3 ihsan. Ari ngaran islam teh nyaeta pasroh sumaroh diri kana hukum ti Allah S.W.T. Lamun ari rukun islam teh aya 5,ka hiji ngucapkeun syahadat, ka-2 nga lakonan sholat, ka-3 mikeun zakat nisbah ka jalma anu trus nisab ka mustahikna, ka-4 puasa dina bulan suci ramadhan, ka-5 haji ka Baitullah utama kawasa di jalanana.
Tina pedaran anu parantos ditepikeun, tiasa dicindekkeun yén agama téh ngagaduhan peran anu penting dina kahirupan urang. Rukun Islam anu ngawengku syahadat, solat, zakat, puasa, sareng haji sanés ngan ukur kedah dipikanyaho, tapi ogé kedah dilaksanakeun kalayan ikhlas. Ku ngalaksanakeun ajaran agama, urang tiasa ngawangun kahirupan anu langkung hadé, rukun, sauyunan, silih asih, silih asah, sareng silih asuh.
Mung sakitu anu tiasa kapihatur. Boh bilih aya basa anu kurang mereunah mugia kersa ngahapunteun.
Wassalamu'alaikum wr.wb

Tidak ada komentar:
Posting Komentar